selamat datang

Selamat datang di Andriyanto Blog

Senin, 27 Mei 2013

Kecap Rajekan

Kecap Rajékan
Kecap rajékan (reduplikasi) nya éta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagéan atawa sagemblengna, robah sorana atawa henteu. Babagianana:
a.       Dwipurwa
Dwipurwa asal kecapna tina ‘dwi’ hartina dua; ‘purwa’ hartina mimiti. Jadi harti sagemblengna nya éta kecap anu engang (suku kata) nu mimiti disebut dua kali. Conto:
Tempo              Delly nempo
                         Delly  tetempo baé
Conto séjénna : cacabok, popolotot, tatajong, popolah, bibilintik, jrrd.

  Dwipurwa nurutkeun hartina :
1) lain nu boga lalakon                          : bubuntut
2) barang nu siga                                   : sisiku, babantal, jrrd.
3) nuduhkeun alat                                 : kakait, cocolok, jrrd.
4) nuduhkeun kecap semu/samar          : pépéték, papagon, pipiti, ririwa, jrrd.
5) nuduhkeun kecap abstrak                 : papayung, bébénténg, kokojo, jrrd.

  Dwipurwa ditambah rarangkén:
Dwipurwa bisa dirarangkénan ku rarangkén an atawa eun.
Nurutkeun hartina dwipurwa nu dirarangkénan bisa kabagi jadi:
1) leuwih ti sakali                                : seuseurian, gogorowokan, totojéran, jrrd.
2) barang tironan                                 : momobilan, kokorsian, iimahan, paparahuan, bebedogan, jrrd.
3) rupa-rupa                                         : bubuahan, kekembangan, pepelakan, beubeutian, jrrd.
4) babagian badan                               : mumuncangan, cacariuan, peupeuteuyan, jrrd.
5) mindeng makéna                             : sasapédahan, momotoran, kakarétan, jrrd.
6) asa                                                   : singsireumeun, seuseuneueun, jrrd.
7) kasakit                                             : jeungjeuriheun, sisidueun, jrrd.
8) kalakuan                                          : pupujieun, beubeulieun.

b.      Dwilingga
Dwilingga nya éta kecap nu dirajék sagemblengna, aya nu robah, aya ogé nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebut dwimurni, sedeng nu robah disebutna dwiréka.

1) Dwimurni. Conto:
    a. nuduhkeun loba                             : bangku-bangku, samak-samak, méja-méja, jrrd.
    b. rupa-rupa, sarua sipatna                : amis-amis, haseum-haseum, pait-pait, jrrd.
    c. lila milampahna                             : nimbang-nimbang, mikir-mikir, jrrd.
    d. nuduhkeun siga                             : siku-siku, jrrd.
    e. nuduhkeun kahanjakal                  : geulis-geulis, kasép-kasép, pinter-pinter, haji-haji, jrrd.

2) Dwiréka. Conto:
   a. nuduhkeun rupa-rupa                     : unak-anik, tulang-taléng, babak-bubuk, jrrd.
   b. leuwih ti sakali migawéna              : luak-lieuk, tumpa-tempo, kubat-kobét, jrrd.
   c. nuduhkeun leuwih ti hiji                : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, jrrd.


3) Dwisasana
    Kecap rajékan ngan nu dirajék engang (suku kata) nu panungtung wungkul.
    Upamana: pudigdig, pudugdug, cikikik, cakakak, jrrd.

4) Trilingga
    Disebut trilingga sabab disebutna tilu kali bari jeung robah sorana.
    Upamana : dag-dig-dug, hah-héh-hoh, pak-pik-pek, jrrd.